Minggu, 08 Januari 2012

[ Opera Mini 6.5 Blue Android s60v3 Unsign ]

Dibaturan ku sagelas Kopi Pait, Udud kèrètèk nu tinggal tilu batang deui sugan mahi keur sagelaseun kopi angin nu geus mimiti karasa nyelecep maturan kuring nu anteng ngadangukeun lagu na Alm. Haji Darso nu judulna Halangan Diri, bari diuk hareupeun hawu..
Beuh... Kahirupan...
Lamun seug aya pilihan hirup di alam Dunya jeung hirup di alam Maya, kuring milih hirup di dunia Maya, da ari ka alam Baka mah kuring teu boga bekel.. Mun di alam Maya mah hayang nanaon tinggal ka mbah gugel, biaya hirup ngan saukur butuh sa-pèrak dua pèrak pikeun onlen. (èta gè mun meunang Gratisan )

Lah... Ngarana ogè kahirupan, aya susah aya senang,,, Senang na lamun geus bisa mèrè Manfaat ka nu lian, Susah na lamun teu bisa nyokot hikmah dina hiji perkara

Resiko ari nyieun catetan di Blog, loba nu mitnah.. Majar kuring Master, majar kuring jalma Pinter.. Heuh salah gedè ...
Hapunten yeuh, kanu kaleresan sok maca catetan di Blog ieu, Kuring nga-Blog lain kuring Bisa, tapi kuring mah Pohoan matak na kuring nyieun catetan. Lumayan paparantieun ari poho tinggal muka catetan. Nya sukur-sukur ari aya Manfaat na kanggo Baraya mah..

Omat ulah nyangka kuring Master atawa jalma Pinter, hapunten saupami aya patarosan-patarosan baraya nu teu tiasa ka waler mernah ku Simkuring, atawa pamundut anu teu tiasa kacumponan. Ari simkuring mah ngawaler mung sa aya-aya, upami hoyong kajawab mernah mah, cobi Tatanya ka Pananyaan atanapi jalma Pinter (orang pintar) sapertos ka Mbah Sukro tatanggi kuring nu katelah Dukun jago. Cobi taroskeun Proxy nu ayeuna bisa dipakè internèt Gratis.. pasti apaleun ..!!

Tah, sakitu heula Episode Ngacapruk Part 1 dina danget ieu

Lajeng kana Catetan, nambihan koleksi Opera Mini 6.5 yeuh...
Tampilan na nganggo skin Blue Android, bahasa Sunda,,, tampilan na sapertos kieu ...


Opera Mini 6.5.27354 gratis
Lumayan lah,

Tanpa Patch atau Pilihan dalam Pemasangan, langsung Tancap dengan Jalur / Proxy sakti Telkomsel & Three (hiji keur dua-aneun). Proxy silahkan pilih Di sini.
Pastikan Protokol di HTTP.
Gunakan selalu Helm ngebut euy...!!! ( kumaha nasib kètang, bèda tempat bèda alamat )
Mangga bilih peryogi atanapi badè nyobian mah..

Opera Mini 6.5 Blue Android (FREE GPRS THREE & TELKOMSEL)
download here

* Update : Dikarenakan Skin masih ada Bugs, silahkan Replace dengan Skin Opera Mini 6.5 Blue Android ini

Tidak ada komentar:

Posting Komentar