Minggu, 08 Januari 2012

Vector Skin Opera Mini 6.5 + Patch Telkomsel Opera Mini 6.5.27354

Wilujeng wayah kieu baraya, ..
Dina danget ieu Simkuring badè cumarita heula sakedik, geningan seueur ogè nu darongkap ka Blog Balakaciprut ieu tèh tur seueur ogè di antawis na nu di luar Sunda. Sababaraha baraya nu teu ngartos kana Bahasa Sunda nyuhunkeun supados Blog na nganggo Bahasa Nasional, sangkan langkung seueur nu ngaraos manfaat na saurna mah (nya mudah-mudahan wè aya manfaat na)

Kanggo Simkuring Pribadi, nga-Blog mangrupikeun wadah Catetan pribadi, teu aya niat hoyong itu-ieu nu penting hatè bèbas ngaluarkeun expresi, da asa bèbas upami nganggo bahasa sapopoè kieu mah atuh, nya mudah-mudahan catetan simkuring aya sasieur sabeunyeureun nu janten manfaat kanu sanès.

Simkuring moal tiasa ngarobah 100% bahasa Blog ieu (Sunda Sapopoè) kumargi asa kirang Bebas kanggo simkuring mah, tapi InsyaAlloh kanggo Point penting na mah Simkuring badè nyobian nganggo Bahasa Indonesia Raya (sugan bisa ).

Lajeng Kana Judul ah,....!!!
Nembè rèngsè nyobian ngoprèk Tèma Android nu kang D@cunk, geningan matak jangar ogè ari keur nu Awam sapertos Kuring mah . Sanajan cawèrang tapi lumayan Hadè ogè kanggo Pemula mah (muji sorangan ah.. )

Salian Skin Opera Mini 6.5 , simkuring nambih Patch kanggo pangguna Telkomsel, pangaturan server nu lumayan wuzzzzz....!!!!
Penampakan Skin Vector (320x240) Opera Mini 6.5 s60v3


Opera Mini 6.5.27354 gratis

Cara Pemasangan :
- Instal terlebih dahulu Opera Mini 6.5.27354 ini,
- Setelah terpasang, pasang Patch + skin nya..

Patch Gratis Opera Mini
* pilihan 1 = Untuk Pemasangan (Update) server Opera Mini 6.5 khusus Pengguna Telkomsel (jalur akses masih seperti kemarin ).
* pilihan 2 = Untuk Pemasangan Skin Vector Opera Mini 6.5
( bisa dipasang dua - dua nya atau salah satu yang diperlukan )

Nyanggakeun...
Skin vector+Patch Kampret Opera Mini 6.5.27354
download here


* Ulah Hilap, nyuhunkeun karidhoan na kanggo nga- Klik iklan nu di pasang, kanggo panyumanget Simkuring... Hatur nuhun..!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar